NAGRAK - SUKABUMI

Senin, 02 Januari 2012

MAPAY LARATAN




                                       
Ujang Hendi
dilahirkeun di sukabumi,tepatna di kampung Cijangkar wetan Rt 01 / 06 Desa Cisarua Kec. Cikole Kota Sukabumi,kaping 23 Oktober 1973.
Ujang Hendi di lahirkeun ti keluarga seniman,yuswa 10 tahun tos ngawitan  aktif dina widang seni terutami dina widang karawitan.Malihanmah tos sering ngiring pentas,ti panggung ka panggung.

Sepuh Ujang Hendi ,wasta Ibu Adah Jubaedah (alm) sareng bapa Handi (alm) parantos maparin elmu dina widang seni.Mantena parantos ngadidik tikawit Ajen seni, nabuh gamelan dugi ka cara ngadamel gamelan.Nu Alham dulillah dugi kadanget ayeuna ata elmu kalintang mamfa’at na khususna kanggo pribadi abdi sareng keluarga.

Ujang Hendi ngagaduhan niat hoyong ngamumule seni budaya sunda, anu kiwari ampir laas ku paneka zaman.Salaku urang sunda sim kuring ngaraos bangga janten urang sunda anu beunghar tina budayana.
Pikeun ngaronjatkeun seni sunda,simkuring nyobian ngabentuk ” Sanggar Panineungan” anu dilebetna ngabina seni karawitan sareng seni tari.Alham dulillah seueuer pisan anu minat lebet ka Sanggar Panineungan.

Taun 2005 alham dulillah simkuring kapercanten janten juara ka 1 penata musik sa Jawa Barat dina raraga lomba karya cipta tari kreasi Jawa Barat di TMII. Judul garapan Tari Dog – dog lojor.
Taun 2006 sim kuring ngawakilan Pripinsi Jawa barat ngiring lomba karya cipta musik daerah tingkat Nasional dina raraga Parade Tari Nusantara,Alham dulillah ka percanten janten Penata Musik Unggulan Tingkat Nasional.

Pangajak ti simkuring khususna ka urang sunda “Hayu urang sami – sami mumule budaya sunda”. Aya pari paos “ Urang sunda bakal Ilang dangiangna,lamun ilang budayana.
Hapunten anu kasuhun bilih seratan ieu kirang mernah dina bahasa sareng sastrana eta kalebet tina kabodoan simkuring,
Eh….. hilap padumukan simkuring ayeuna di Kampung Nagrak lebak Rt 01 / 02 Desa Bale Kambang Kec. Nagrak Kab. Sukabumi. Hatur nuhun……..

Share:

0 komentar:

Posting Komentar

About Me

Foto saya
Urang Sunda Bakal Ilang Dangiangna Lamun Ilang Budayana.
Diberdayakan oleh Blogger.

Followers