Palabuhanratu ngadeg sabada Pakuan Pajajaran ancur lebur digempur musuh. Ari nu janten musuh natěh nyaěta Karajaan Banten. Anu harita mah disebatna těh Surasowan. Pajajaran teu tiasa ngayonan musuh, margi musuhna kawilang tanggoh. Katambih dibantuan deuih ku Nagara Tatanggana nyaěta Demak sareng Cirebon.
Waktos perang campuh, salah sawios Putri Raja...